Situ Gunung, Sukabumi

Situ Gunung, Sukabumi

Jumat, 30 Januari 2015

SASAJEN


SASAJEN NUMUTKEUN URANG SUNDA
Sasajen asal kecap tina sasajian atawa susuguhan salaku tanda hormat atawa syukur keur sakabeh anu lumangsung di masarakat, mangrupakeun murni kabudayaan sunda nu ngandung filosofi anu luhung, anu pantes di mumule sareng dilestarikeun, teu aya hubungan na sareng ajaran agama anu mana wae oge
Dasarna nyaeta dina sasajen aya niléy luhur kearifan lokal anu dijadikeunn patokan dina kahirupan urang meh teu salah dina lengkah. Kiwari urang nyangka yen nyuguhkeun sasajen mangrupakeun hiji kemusyrikan tapi saleresna aya hiji simbol atnapi siloka di lebeting sasajen anu kedah diteuleuman. Siloka nyaeta pangumpamaan atawa gambaran. Kearifan lokal nu disimbolkeun dina sasajen perlu dipetik sanes kanggo disalahkeun sabab eta mah kearifan budaya lokal anu diturunkeun ku luluhur urang.
Saur Ki Demang Wangsafyudin Salasawios Budayawan Sunda (dina Blogg nu Dihaturkeun dina 8 Maret 2011 ku Diemas Dhamardjati) aya  makna  sareng hartos anu luhung dina sasajen nyeta antawisna

1.      Parukuyan sareng menyan
Parukuyan nyaeta wadah areng ruhay, tina taneuh liat hartosna (tempat sari pati/badan sakujur)
beureum ngalambangkeun seuneu, koneng ngalambangkeun angina, bodas ngalambangkeun cai, hideung ngalambangkeun taneuh. Hartosna nyaeta saripati tina seuneu angina cai sareng taneuh nyaeta asal sakujur awak/panopang hirup
Meuleum menyan/ngukus sami sareng ngudag Kusumaning Hyang Jati
ngandung harti ngaji diri jeung menghayati sarta nyalusur hakekat tina niléy ka Tuhanan.
Menyan asal kecap tina Temen tur nyaan/nu enyana/sa enya-enyana
Hertina dina penelusuran/ulikan/penghayatana kudu bener-bener jeung sabener-benerna
Sengitna memenyan ngandung harti Silih wawangi atawa kalakuan nu alus Perbuatan baik.

2.      Amparan/Samak
Ngandung harti  Kudu saamparan samaksud satujuan. Sakabeh tujuan jeung maksud kudu di amparan ku Ka Tuhanan, Ka manusaan, Ka bangsaan, Ka Rahyatan, Ka adilan

3.      Alas lawon Bodas
Lawon siloka tina awon Bodas siloka tina suci bersih
Hartina: sakuduna laku lampah sareng kecap kudu di landasi ku pikiran anu bersih

4.      Kendi di eusi cai make hanjuang
Kendi = Taneuh =Tanah, Cai = Air, Hanjuang = Hana ing Juang (Hana = hirup/aya, Juang = berjoang)
Hartina: Hirup kudu berjoang gawe pikeun lemah cai babakti ka nagri bebela ka nagara.

5.      Sang Saka Dwi Warna (Sasaka Pusaka Buhun) = Bendera merah putih
Dwi Warna = Dua warna Beureum Bodas, Beureum = Indung/ibu pertiwi, Bodas = Bapa/Rama angkasa, Sang saka = Soko = Tihang utama = Patokan, Pusaka = Pupuhu Saka-Beh/Cikal-bakal
Buhun = kolot/Bahan
Hartina :Yen hiji kewajiban urang ngahargaan kolot nu geus ngurus jeung medalkeun urang, oge ka tanah air atawa nagara nu geus mere kahirupan, eta kudu dijadikeun nu utama dina jero kahirupan kudu dijadikeun soko atawa patokan.
6.      Kembang Tujuh Rupa nu Seungit
Tujuh = Tujuh pangswasa nu aya na diri (Kawasa, Kersa, Uninga, Hirup, Tingali, Ngarungu, Ngandika) = GURU HYANG TUJUH =Tujuh kawsa nu aya dina diri nu asalna ti nu maha Kawasa
Kembang seungit hartosna :Geura kembangkeun/mekarkeun/daya upayakeun eta pangawasa nu tujuh ku jalan silih seungitan ka sasama hirup.

7.      Rujak Tujuh Rupa
Rujak = rasa: (Amis, pait, peuheur, haseum, kesed)
Tujuh rupa = tujuh poe hartina : Dina tujuh poe panggih jeung rupa - rupa kahirupan.

8.      Kopi pait, kopi amis jeung cai asak herang di wadahan kana batok
Manana: Sajeroning lampah hirup pinasti ngaliwatan papait jeung mamanis nu sakuduna di godog diasakan dina BABATOK (pikiran, elingan) wening ati herang manah.

9.      Sangu tumpeng
Manana:Tumpuk tumpang ngajadi hiji sahingga mangpaat keur kahirupan urang, ulah rek pakia kia pagirang girang tampian kawas remeh sumawur teu pararuguh.

10.  Bakakak hayam
Manana pasrah sumerah ka Gusti (tumamprak lir bakakak)

11.  Puncak manik (congcot nu di luhurna aya endog hayam)
Puncak tina kahirupan nyaeta silih ajenan ka sasama. Endog teh manana cita-cita kahirupan nu bakal ngalahirkeun laku lampah hade.

12.  Daun jati tilu lambar
Manana: Manusa dina ngajalankeun hirup jeung ka hirupan kudu dumasar kana Tekad, Ucap Jeung Lampah Nu Sajatina.

13.  Lemareun/seupaheun
Manana: Mun urang rek ngucap, lumaku jeung lumampah, ulah rek gurung gusuh tapi kudu di beuweung di utahkeun, persis nu nyeupah.

Ieu kabeh teh simbul siloka keur ajieun urang supaya hirup teu kasasar lampah. Intinya nyaeta dina jeroning sasajen aya niley luhung jeng kawijaksanaan anu dijadikeun obor pandangan kahirupan ameh urang teu poekeun jeung kasasar nya lampah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar