KUJANG
Kujang nyaeta hiji pakarang aheng tina beusi, baja, jeung bahan pamor tiasa tina bahan emas perak atamapi nusanesna, panjangna
kirang langkung 20 dugika 25 centi meter, beuratna kinten-kinten 3 ons, pakarang
ieu asalna ti tatar sunda, munggaran aya dina abad ka 8 atanapi 9
Kujang mangrupikeun pakakas anu ngagambarkeun sekeutna kakuatan akal
dina kahirupan oge ngagambarkeun leber wawanen kanggo ngabela kabeneran. Pakarang
ieu tiasa dijadikeun sanjata alat tatanen, perlambang, papas oge kanggo
kagegelan. Numutkeun Sanghyang siksakandang karesian pupuh XVII, kujang nyaeta pakarang kaum petani sareng ngagaduhan akar budaya
tatanen urang Sunda.
Ceuk sakaol ngaran kujang asalna tina kecap kudihyang (kudi
jeung Hyang) bahasa sunda kuno nu
hartina pakarang anu ngagaduhan kakuatan gaib, sakti, kanggo jimat sarta
panolak bala. Hyang bisa di sebut nu maha Kawasa. Aya oge nu nyebatkeun asal kecap tina Ujang
nu hartina manusa sakti siga Prabu Siliwangi. Sacara umum, Kujang ngandung harti pusaka anu ngagaduhan kekuatan ti
nu maha Kawasa (=Hyang), dijaman baheula kujang teu bisa dipisahkeun ti urang Sunda
sabab kagunaanna jang tatanen. Bukti anu nguatkeun yen kujang pakarang tatanen,
tiasa ditingali ti urang Baduy, Banten sereng urang Pancer Pangawinan di Sukabumi.
Bagian-bagian Kujang
Ciri kujang ngagaduhan
sisi anu seukeut sareng nami bagianana, antawisna: papatuk/congo (tunngtung kujang
nu siga panah), eluk/silih (elukan dina bagian tonggong), tadah (elukan nu nonjol
dina bagian payun) tur mata (liang alit biasana ditutupan ku emas atanapi
perak).
Dina Pantun Bogor sapertos nu di saurkeun ku
Anis Djatisunda (996-2000), kujang ngagaduhan rupi-rupi kagunaan sareng wangun.
Aya opat rupi kujang antawisna:
1. Kujang Pusaka (lambang kaagungan sareng kasalametan),
2.
Kujang Pakarang (kanggo perang),
3.
Kujang Pangarak (alat upacara)
4. Kujang Pamangkas (pakarang tatanen).
Aya sababaraha bentuk bilah diantawisna:
1. Kujang Jago (jiga hayam jago),
2.
Kujang Ciung (jiga manuk ciung),
3.
Kujang Kuntul (jiga manuk kuntul/bango),
4.
Kujang Badak (siga badak),
5.
Kujang Naga (siga naga)
6. Kujang Bangkong (siga bangkong)
Sasakala
Sepuh kapungkur
nyebatkeun hartos nu luhur nu kakandung dina hartos kujang nyaeta Ku-Jang-ji rek neruskeun padamelan sepuh
karuhun urang Janji kanggo neraskeun perjuangan sepuh karuhun urang nyaeta menegakan
cara-ciri manusa SARENG cara ciri bangsa, nyaeta
Cara-ciri Manusa aya 5
1. Welas Asih
2.
Tatakrama
3.
Undak Usuk
4.
Budi Daya Budi Basa,
5. Wiwaha Yuda Na Raga ("Ngaji diri").
Cara-ciri Bangsa ada 5
1. Rupa,
2.
Basa
3.
Adat,
4.
Aksara
5. Kabudayaan
Sejarah Bentuk Kujang
Hiji mangsa Prabu
Kudo Lalean alias Prabu Kuda Lelean di tatar Sunda jeung Karajaan Panjalu
Ciamis anu katelahna Hyang Bunisora oge Batara Guru di Jampang lantaran jadi resi
nu sakti mandraguna di Jampang (Sukabumi), nu waktos harita marentah Karajaan
Padjadjaran Makukuhan jeung Panjalu, nuju tapa brata dihiji tempat, anjeuna kengeng
ilapat kanggo ngarombak deui bentuk Kujang anu salami ieu digunakeun kanggo
pakarang tatanen, teu diengkekeun deui geuwat sang prabu marentahkeun empu
Windu Supo kanggo ngadamel pakarang anu sami sareng ilapat sang Prabu, nanging empu
Windu Supo ngaraos hemeng margi teu jelas siga kumaha gambaran dina eta ilapat
sang Prabu, lajeng empu Windu Supo tapa brata nyungkeun pituduh ti nu maha
kawasa supados tias nyawang kana implengan sang Prabu, rengse meditasi anjeuna
ngawitan ngadamel pakarang nganggo kasaktian anu di papaesan ku niley luhur filosofis,
dugika rengsena ngadamel eta pakarang anu bentukna aheng sareng aya tuahna,
pakarang ieu ngagaduhan dua ciri nyaeta
bentukna anu sarimbag sareng pulau Jawa sareng aya tilu liang nu aya dina
tungtung eta pakarang. Tisaprak harita Kujang dianggo ku para raja jeung
bangsawan Kerajaan dijadikeun lambang kawibawaan jeung kasaktian. Pakarang ieu
anu baris jdi symbol urang sunda
Tidak ada komentar:
Posting Komentar