Situ Gunung, Sukabumi

Situ Gunung, Sukabumi

Selasa, 10 Februari 2015

ARTI HARI LAHIR/WEDAL/WEWETON



PASIPATAN WEDAL/WEWETON
Pasipatan harti poe wedal numutkeun Paririmbon Sunda
1.     SENEN = KEMBANG
Mentingkeun tetembongan diri, sok rapih. Loba dipikaresep ku jalma, berehan. Tapi, sok 'asa aing, keukeuh peuteukeuh.
2.     SALASA = SEUNEU
Hade jiwa sosialna. Resep nulungan teu ningali sahana. Satia jeung hese beger deui. Tong wawanianan nipu jeung ngahianat ka manehna sabab gede tur goreng adat jeung resep ngagede-gede masalah.
3.     REBO = DAUN
Cicingeun, kalem, ngawibawa, oge hade basa jeung laku. Lamun geus kenal deukeut, kanyaohan dirina teh sok ngabungahkeun. Mikanyaah ka kulawarga. Tapi, babari kabawa arus, gampil percaya kana omongan anu can tangtu bener. Paling anti dititah.
4.     KEMIS = ANGIN
Teu gampil putus harepan, sumanget gawena hade, tekun, giat latihan. Sok teu betahan di imah. Kadang sok "ciga kacang poho kulitna", loba omong, curigaan. Hadena tara ngadendam.
5.     JUMAAH = CAI
Tenang, nyegerkeun, tapi oge sok ciga ombak, ngamuk. Cicingeun, tapi prinsipna "leuwih hade cicing daripada ngomong nu teu aya mangpaatna." Wibawana tingkat luhur jadi loba dipika kagum ku jalma. Tapi egois, keukeuh kumaha manehna, sok umaing jeung sagala kahayangna kudu dicumponan.
6.     SAPTU = TANEUH BUMI
Awakna kuat, pendirianna oge, kokoh jeung kuat hate. Cita-citana luhur jeung berehan. Moal asa-asa mere anu dipikaboga asalkeun bisa nulungan batur. Gorengna, sok hayang nguasaan jeung ngabogaan naon bae anu dipikaresep, rada egois, jeung sombong. Tapi teu gancang putus asa jeung leukeunan ikhtiar.
7.     MINGGU = MEGA
Loba babaturannana. Pergaulanna luas saluas mega. Hade basa jeung laku ka sasaha. Pinuh sumanget gawe. Kurangna sok kamalinaan kana kasedih, sagala kahayangna kudu dicumponan, lamun henteu Manehna bakal ngusahakeun ku cara naon bae. Lamun soal cinta, manehna satia jeung lain tipe gampangan.

KEDUTAN/KEKERENYEDAN



PRIMBON/PARIRIMBON SUNDA KEDUTAN/KEKEDUTAN/KEKERENYEDAN
1.             Kekerenyedan dina Sirah = Meunang kahade'an
2.             Kekerenyedan dina embun-embunan = meunang pangkat
3.             Kekerenyedan dina tarang = Meunang kahormatan
4.             Kekerenyedan dina halis katuhu = nampa duit
5.             Kekerenyedan dina halis ke'nca = Meunang kabungah
6.             Kekerenyedan dina biwir panon katuhu = bakal ceurik
7.             Kekerenyedan dina biwir panon kenca = meunang kabungahan
8.             Kekerenyedan dina ceuli katuhu = aya beja hade'
9.             Kekerenyedan dina ceuli kenca =  meunang kabungahan
10.           Kekerenyedan dina pipi katuhu = bakal gering
11.           Kekerenyedan dina pipi kenca = meunang kasusahan
12.           Kekerenyedan dina biwir luhur = bakal pase'a
13.           Kekerenyedan dina biwir handap =  bakal ngomong
14.           Kekerenyedan dina gado = meunang kahadean
15.           Kekerenyedan dina letah = bakal cilaka
16.           Kekerenyedan dina beheung = meunang kahadean
17.           Kekerenyedan dina taktak katuhu = meunang duit
18.           Kekerenyedan dina taktak kenca = aya nu nga'hina
19.           Kekerenyedan dina siku katuhu = boga duit
20.          Kekerenyedan dina siku kenca = aya nu asih
21.           Kekerenyedan dina puhu kengeun katuhu = papanggih jeung baraya
22.          Kekerenyedan dina puhu lengeun kenca = kagadean
23.          Kekerenyedan dina dampal lengeun katuhu = meunang barang
24.          Kekerenyedan dina dampal lengeun kenca = miceun (ngaluarkeun duit)
25.          Kekerenyedan dina irung beulah kenca = nampa surat
26.          Kekerenyedan dina irung beulah katuhu = meunang teugeunah
27.          Kekerenyedan dina dada katuhu = papanggih jeung baraya
28.          Kekerenyedan dina dada kenca = meunang kabungahan
29.          Kekerenyedan dina susu katuhu = rek boga milik
30.          Kekerenyedan dina susu kenca = meunang milik
31.           Kekerenyedan dina beteung = Bakal meunang kabungahan
32.          Kekerenyedan dina tonggong = bagja
33.          Kekerenyedan dina cangkeng katuhu = meunang milik
34.          Kekerenyedan dina cankeng kenca = susah
35.          Kekerenyedan dina walikat katuhu = teugeunah
36.          Kekerenyedan dina walikat kenca = terkabul pamaksudan
37.          Kekerenyedan dina bujal = bakal meunang milik
38.          Kekerenyedan dina pingping katuhu = papanggih jeung sobat
39.          Kekerenyedan dina pingping kenca = kahadean
40.          Kekerenyedan dina tu'ur katuhu = cilaka
41.           Kekerenyedan dina tu'ur kenca = bungah
42.          Kekerenyedan dina bitis katuhu = halangan
43.          Kekerenyedan dina bitis kenca = untung
44.          Kekerenyedan dina dampal suku katuhu = indit jauh
45.          Kekerenyedan dina dampal suku kenca = susah
46.          Kekerenyedan dina ugel-ugel suku katuhu = cilaka
47.          Kekerenyedan dina ugel-ugel suku kenca  = kahadean
48.          Kekerenyedan dina tonggong suku katuhu = kahadean
49.          Kekerenyedan dina tonggong suku kenca = gering
50.          Kekerenyedan dina keuneung katuhu = meunang bagja
51.           Kekerenyedan dina keuneung katuhu = papanggih jeung baraya

ITUNGAN JODOH



ITUNGAN JODO

Kabiasaan jaman kapungkur sagalarupi aya adab sareng etanganana teu aya sanes nu diharepkeun nyaeta kabarokahan ti anu Kawasa, kanggo nu masih keneh ngagem kana kabudayaan sepuh teu aya lepatna upami bade dianggo, salasawiosna nyaeta etangan kanggo perjodoan, susunan nana nyaeta:

1.     Ngetang jumlah neptu pasangan caroge istri
Dinten Pasaran                                Naptu
Senen               4                                  Legi                  5
Salasa              3                                  Pahing              9
Rebo                 7                                  Pon                   7
Kemis                8                                  Wage                4
Jumaah             6                                  Kaliwon                        8
Saptu               9

2.     Ngetang Sesa
Sesa 1 nyaeta WASESA SEGARA hartosna jaga bakal meunang kawibawaan
Sesa 2 nyaeta TUNGGAK SEMU hartosna jaga bakal gede milik
Sesa 3 nyaeta SUMUR SINABA hartosna jaga bakal luhur darajat
Sesa 4 nyaeta SATRIA WIRANG hartosna jaga bakal meunang wiwirang
Sesa 5 nyaeta BUMI BERPETAK hartosna jaga bakal meunang kasusah
Sesa 6 nyaeta LEBU KATIUP ANGIN hartosna parerejekian euweuh napelna

Minangka:
Istri lahir 10 Juli 1976, dinten saptu legi neptunya 14
pameget lahir 12 Sept 1969, dinten jumaah pon  neptunya 13
Jumlah neptu pameget + istri nyaeta 14+13= 27
jumlah 27 dibagi 7 = 3 sisa 6, numutkeun paririmbon ieu nyaeta LEBU KATIUP ANGIN
Etangan ieu mung saukur babaledogan anu mangrupikeun kabudayaan anu masih keneh sok dianggo, sagala rupina anging nu maha Kawasa anu ngatur sareng nu ngersakeun.