Situ Gunung, Sukabumi

Situ Gunung, Sukabumi

Selasa, 10 Februari 2015

ITUNGAN JODOH



ITUNGAN JODO

Kabiasaan jaman kapungkur sagalarupi aya adab sareng etanganana teu aya sanes nu diharepkeun nyaeta kabarokahan ti anu Kawasa, kanggo nu masih keneh ngagem kana kabudayaan sepuh teu aya lepatna upami bade dianggo, salasawiosna nyaeta etangan kanggo perjodoan, susunan nana nyaeta:

1.     Ngetang jumlah neptu pasangan caroge istri
Dinten Pasaran                                Naptu
Senen               4                                  Legi                  5
Salasa              3                                  Pahing              9
Rebo                 7                                  Pon                   7
Kemis                8                                  Wage                4
Jumaah             6                                  Kaliwon                        8
Saptu               9

2.     Ngetang Sesa
Sesa 1 nyaeta WASESA SEGARA hartosna jaga bakal meunang kawibawaan
Sesa 2 nyaeta TUNGGAK SEMU hartosna jaga bakal gede milik
Sesa 3 nyaeta SUMUR SINABA hartosna jaga bakal luhur darajat
Sesa 4 nyaeta SATRIA WIRANG hartosna jaga bakal meunang wiwirang
Sesa 5 nyaeta BUMI BERPETAK hartosna jaga bakal meunang kasusah
Sesa 6 nyaeta LEBU KATIUP ANGIN hartosna parerejekian euweuh napelna

Minangka:
Istri lahir 10 Juli 1976, dinten saptu legi neptunya 14
pameget lahir 12 Sept 1969, dinten jumaah pon  neptunya 13
Jumlah neptu pameget + istri nyaeta 14+13= 27
jumlah 27 dibagi 7 = 3 sisa 6, numutkeun paririmbon ieu nyaeta LEBU KATIUP ANGIN
Etangan ieu mung saukur babaledogan anu mangrupikeun kabudayaan anu masih keneh sok dianggo, sagala rupina anging nu maha Kawasa anu ngatur sareng nu ngersakeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar