PARIRIMBON/ PRIMBON
Paririmbon atawa perimbon asalna
tina kecap imbu hartosna simpen, janten tiasa dihartoskeun
hiji tempat pikeun sumpan-simpen mangrupa buku anu lebetna disimpen sagala
catetan penting sarta hese diapalkeun. Umumna
masarakat ngagunakeun paririmbon pikeun pituduh praktis dina kagiatan hirup
kumbuh sapopoe, dina mangsa ayeuna masih aya nu ngagunakeun, jang sakadar
ngamumule budaya nu meh leungit
Masarakat Sunda mikawanoh kana
kapercayaan anu geus jadi sakulit sadaging, nyaéta kapercayaan ngeunaan
itung-itungan dina nyanghareupan rupa-rupa pagawéan, utamana anu aya
hubunganana jeung hadé goréng nasib, upamana dina tatanén, kuriak, jeung kawin, biasana diitung heula. Dipatalikeun
jueng itungan atawa ramalan, paririmbon leuwih nekenkeun kana hal-hal kadunyaan. Ngeunaan bener henteuna hasil
itung-itungan tumali jeung kayakinan hiji jalma atawa kelompok dina
ngalarapkeunana, nepi ka naon anu dipiharep tina niat atawa garapan téh henteu
méncog tina harepan.
Dina prak-prakanana, itung-itungan
ieu téh ngagunakeun taun, bulan, poé, jeung pasaranana anu masing-masing miboga
ajén anu disebut naktu atawa neptu, Itung-itungan téh
upamana saperti ieu:
Dinten Pasaran Naptu
Senen 4 Legi 5
Salasa 3 Pahing 9
Rebo 7 Pon 7
Kemis 8 Wage 4
Jumaah 6 Kaliwon 8
Saptu 9
Dina Blog ieu, pribados bade ngamumule budaya ngalangkungan sababaraha
rupi ngenaan eusi paririmbon, diantawisna nangtukeun pindah atawa kuriak, kekedutan,
wedal, itungan jodo jeung lain sajabana, manga diaos.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar